Jumat, 02 Juli 2010

EUNTEUNG

“Geura ngeunteung kanu
teu katingali,
teu ngawujud,
teu kasentuh “
Babasa ki sunda bewara pikeun urang balarea
Sangkan kudu sidik,apik nata hirup kahirupan di alam dunya
Taya nu salah di ieu alam dunya
sabab estuning pieunteungeun urang sadaya
Taya nu apal isuk kumaha, pageto rek kamana
Horeng mana horeng sadaya ukur rusiah mantenna, katangtuan kudratna
Urang manusa ukur ngalampahan bari meredih du’a kanu kawasa
Ras sidakep bari nangtung lain asal gumantung
tapi kanu miboga numaha agung
Boga panon can puguh tenjo ukur bisa ngeunteung sakur nu katingali
Geura cipta ku rasa saha sajatina manusa nu miboga
Geura guar ku karsa wujudna manusa saha nu nyipta
Geura ragap ku pangawasa sanajan taya wujud jeung rasana
Salah ku salahna pieunteungeun pikeun nu bener
Bener ku benerna pieunteungeun pikeun nu salah
Dunya siloka papasangan nu aya di alam eueunteungan
Lain ucap saukur ucap nyebat asmana baris teu apal eusina
Salapan puluh salapan asmana estu pieunteungeun urang balarea
NU-‘ki sunda

KALANGKANG DIRI

Saestuna urang milampah di alam dunya
Teu elat keuna ku sifat owah gingsir
Pamenteu,pangrasa ukur siloka
Rejeki ukur jadi iri dengki
Harta ukur jadi cukang pasea
Wanita ukur jadi rebutan gaganti panumbal nyawa
Silih tutup ku jampe panutup
Silih muka ku jampe pamuja
Elmu ..Sanjata laksana dewa
Manusa ibarat pigura jadi sasaranna

kALANGKANG PATI

HIRUP DI DUNYA UKUR SAKALI
SAPAPAIT SAMAMANIS KASORANG KU URANG JEUNG KALANGKANG
SAKAPEUNG URANG DILUHUR KASANDING NGARAN NU MASHUR
SAKAPEUNG DI HANDAP BARI HALAPHAP

DUH GUSTI.. NA IRAHA TOROMPET SANGKAKALA TEH DITIUPNA
KUHAYANG NGARASA NGAGETERNA ATI
KUHAYANG NGARUMAS NYEBLAKNA MANAH

KARASA SOK RAJEUN MIKIRAN IEU DIRI
TIMANA REK KAMANA IEU HIRUP

TONG DI TANYA KAMANA KURING REK MULANG
TONG DI TANYA KUMAHA SESELNA ATI

UKUR CIPANON NU NGARTI
NGAMOKSA DIRI NGARAKSA PATI

ANGING SUMERAH DIRI KANU POE NU PASTI
ANGING SUMERAH PASRAH KA GUSTI NU MAHA SUCI
NEPUNG PATI NYORANG BAGJA
MULIH KA JATI NGAREP MULANG KA ASALNA